Nadzom paniatan ngaos, sarng nadzom isro' mi'roj
Nadzom paniatan ngaos
ari paniatan ngaos
seueurna opat perkawis
hiji niat karna alloh
ngalakonan parentahan
kaduana niat miceun
kabodoan awak abdi
supados jantn salamet
salamet dunia akherat
katiluna niat ngaos
ngah!rup-hirup agama
agamana kanjeng nabi
nabi utusan ilahi
ka opatna niat ngaos
niat bade di lakonan
di lakonan ku sorangan
sareng sadaya rerencangan
paniatan abdi ngaos
milari nu lima rupi
ka hji abdi milari
karidoan maha suci
dua niat ngaleungitkeun
sadayana kabodoan
kusus keur awak sorangan
sinarng keur babaturan
tilu niat ngageularkeun
kana agama pangeran
opat niat ngalanggengkeun
ngamayengkeun ka islaman
kalima niat sukuran
kana nimat ti pangeran
robbana abdi pasihan
akal sarng waras badan
NADZOM ISRO'MI'ROJ
nuju tanggal tujuh likur
bulan rajab nu ka catur
nurut kaol anu mashur
kangjeng nabi teh di saur
di papag ku malaikat
nyandak buroq nu kasebat
leumpangnateh cara kilat
tungganganeun nabi angkat
ti mekah ka baetal maqdis
teu lami deui antawis
ku jalmi hnteu katawis
kersana gusti nu wacis
ti baetal maqdis terasna
naekna tangga kancana
mi'roj tea kasebatna
ka langit nabi sumpingna
tujuh langit sadayana
jeung 'aras nu pang luhurna
di sumpingan sadayana
katut surga narakana
kangjeng nabi di timbalan
ku gusti nu sifat rohman
anjeuna kudu netepan
solat muji ka pangeran
kabeh jalma anu iman
sami pada kawajiban
solat nu lima giliran
hnteu meunang di kurangan
solat eta minangkana
dina agama tihangna
jalma nu luput solatna
nyata rubuh agamana....
No comments:
Post a Comment