ﺑﺴﻢ ﺍﻟﻠﻪ ﺍﻟﺮﺣﻤﻦ ﺍﻟﺮﺣﻴﻢ
Ari paidahna ngaos ilmu tajwid nyaeta ngajaga bisi aya
anu salah nalika maca kana al-quran
Ari hukumna ngaos ilmu tajwid nyaeta ﻓﺮﺽ ﻛﻔﺎﻳﻪ
Ari palanggeran fardu kifayah nyaeta :
ﺍﺫﺍﻓﻌﻞ ﺍﻟﺒﻌﺾ ﺳﻘﻂ ﺍﻟﺤﺮﺝ ﻋﻦ ﺍﻟﺒﺎﻗﻴﻦ
IDAA FA'ALAL BA'DU SAQOTOL HAROJU 'ANIL BAAQIIN
Hartosna: dimana-mana midamel anu sawarehna maka
gugur dosa tinu sawarehna dai
Contona sapertos nyolatan mayit
Ari hukumna ngaos ilmu tajwid nyaeta ﻓﺮﺽ ﻋﻴﻦ
FARDU AIN
Ari sababna ngaos al'quran kedah nganggo elmu
tajwid,sabab gusti alloh nurunkeun al-quran bari
marentahkeun nganggo elmu tajwid.
Nyaeta dawuhan alloh dina al-quran surat al-muzammil
ayat 4 :
ﻭﺭﺗﻞ ﺍﻟﻘﺮﺍﻥ ﺗﺮﺗﻴﻼ
WAROTTILIL QURAANA TARTIILAN
Hartosna : geura baca al-quran kalawan tartil tegesna
nganggo elmu tajwid
Karena ceuk qo'idah :
ﻭﺍﻻﺧﺬﺑﺎﻟﺘﺠﻮﻳﺪ ﺣﺘﻢ ﻻﺯﻡ ﻣﻦ ﻟﻢ ﻳﺠﺎﻭﻳﺪﺍﻟﻘﺮﺍﻥ ﺍﺛﻢ
WAL AKHDU BITTAJWIIDI HATMUN LAAZIMUN
MAN LAM YUJAAWIIDIL QUR'AANA AASIMUN
Artina : maos tajwid wajib kanu maca quran, nu teu
ngangge tajwid dosa ka pangeran
Ari tajwid kabagi kana dua bagian, hiji tajwid ceuk
lugot, dua tajwid ceuk istilah
ﻟﻐﺔ .ﺍﺻﻄﻠﺢ
Ari tajwid ceuk lugot nyaeta :
ﺍﻻﺗﻴﺎﻥ ﺑﺎﻟﺠﻴﺪ
AL ITYAANU BILJAYYID
Hartosna :ngadatangkeun kana ka alusan
Ayawa : ﺍﻟﺘﺤﺴﻴﻦ
ATTAHSIIN
Hartosna : kadar-kadar ngaluskeun
Ari tajwid ceuk istilah nyaeta :
ﺗﻼﻭﺓﺍﻟﻘﺮﺍﻥ ﺑﺎﺀﻋﻄﺎﺀ ﻛﻞ ﺣﺮﻑ ﺣﻘﻪ ﻣﻦ ﻣﺨﺮﺟﻪ ﻭﺻﻔﺘﻪ ﻭﻏﻴﺮ ﺫﺍﻟﻚ
TILAAWATUL QURAANI BI I'TOO I KULLI HARFIN HAQQOHUU
MIN MAKROJIHII WASIFATIHII WAGOIRI DAALIK
Hsrtosna : maca kana alquran bari nitenan kana hak
hakna huruf tina makrojna sareng tina sifatna sareng
tina sanes sanesna saperti panjang pondokna waqof
wasolna idhar idghom iqlab ikhfa sareng anu sanes
sanesna
Ari ngaran tanwin nyaeta :
ﻧﻮﻥ ﺳﻜﻨﺔ ﻭﺍﻗﻌﺔ ﻓﻲ ﺍﺧﺮ ﺍﻟﻜﻠﻤﺔ ﻟﻔﻆ ﻻﺧﻂ
NUUNUN SAKINATUN WAAQI'ATUN FII AAKHIRIK KALIMATI
LAFDZON LAA KHOTON
Hartosna : nun anu paeh anu tumiba dina akhir kalimah
aya dina ucapan nana teu aya dina tulisannana
Sunday, January 25, 2015
Kitab tajwid bagian pertama
Subscribe to:
Post Comments (Atom)
No comments:
Post a Comment